اَلسَّلَامُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
الْحَمْدُ لِلّٰهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ، وَبِهِ نَسْتَعِيْنُ عَلَى أُمُوْرِ الدُّنْيَا وَالدِّيْنِ، وَالصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ عَلَى أَشْرَفِ اْلأَنْبِيَاءِ وَالْمُرْسَلِيْنَ، نَبِيِّنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَعَلَى اٰلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَالتَّابِعِيْنَ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلىَ يَوْمِ الدِّيْنِ.
أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إِلَّا الله وَحْدَه لَاشَرِيْكَ لَهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ اْلمُبِيْن. وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَـمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صادِقُ الْوَعْدِ اْلأَمِيْن.
أَمَّا بَعْدُ فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ: اِتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوْتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. فَقَالَ اللهُ تَعَالَى:
وَمَنْ يَّتَّقِ اللّٰهَ يَجْعَلْ لَّهُ مَخْرَجًا ۙ وَّيَرْزُقْهُ مِنْ حَيْثُ لَا يَحْتَسِبُ ۗ وَمَنْ يَّتَّقِ اللَّهَ عَلَى اللهِ فَهُوَ حَسْبُهُ ۗ إِنَّ اللهَ بَالِغُ أَمْرِهِ ۗ قَدْ جَعَلْ لَّعقل اللّٰهَ لِكُلِّ شَيْءٍ قَدْرًا
Pangersa para alim ulama, para sepuh, sareng sadaya jamaah Sidang Jumaah rahimakumullah.
Puji miwah sukur urang sami sanggakeun ka Zat Ilahi Rabbi, Allah SWT, anu parantos maparin mangjuta-juta nikmat, utamina nikmat iman, islam, sareng kasehatan, dumugi ka dinten ieu urang sadaya tiasa ngariung di ieu masjid kalayan aya dina ginanjar kawilujengan. Salawat miwah salam mugia salamina dilimpahkeun ka junjungan urang sadaya, Habibana wa Maulana Muhammad SAW, ka kulawargana, para sahabatna, dugi ka urang salaku umatna di akhir zaman.
Ma'asyiral Muslimin rahimakumullah,
Dina mangsa kiwari, saupami urang emut-emut tur merhatikeun kana kaayaan dunya, rasana manah teh asa ketir. Sakumaha ripuhna jaman ayeuna,,kahirupan beuki hese, ékonomi beuki melendung, pitnah jeung cocoba datang tina sagala juru. Jalma-jalma seueur anu bingung, salempang, leungit katengtreman batinna lantaran kapalang ku kahariwang poé esok.
Sanajan kitu, salaku jalma anu gaduh iman, urang teu meunang asa-asa, teu meunang leutik hate, komo deui nepi ka putus asa tina rahmat Allah SWT. Sabab saestuna, dina sagala karipuhan jeung kasangsaraan dunya, aya dua jangkar anu bakal nyaimbangkeun kapal kahirupan urang, nyaeta: dzikir ka Allah jeung ikhtiar anu daria, dua hal anu teu meunang lesot saeutik oge tina hambalan hirup urang.
Allah SWT parantos ngingetan urang dina kitab-Na:
اَلَّذِيْنَ اٰمَنُوا وَتَطْمَئِنُّ قُلُوْبُهُمْ بِذِكْرِ اللّٰهِ ۗ اَلَا بِذِكْرِ اللّٰهِ تَطْمَئِنُّ الْقُلُوْبُ ۗ
(Hartosna: Jalma-jalma anu ariman tur hate maranehanana jadi tengtrem ku dzikir ka Allah. Inget, ukur ku dzikir ka Allah hate teh bakal jadi tengtrem.)
Ma'asyiral Muslimin rahimakumullah,
Dzikir sanes ngan ukur ngucapkeun lisan. Dzikir nyaeta ngahudangkeun rasa sidik yén urang salamina aya dina paningal Allah. Nalika hate inget ka Allah, mangka sadaya karipuhan dunya bakal karasa leutik. Masalah beurat moal matak ngageterkeun lamun urang geus nyekel pageuh kana tali rahmat-Na.
Namung, dzikir wungkul tanpa ikhtiar tangtu bakal jadi pamenta anu hapa. Agama urang ngajarkeun kasaimbangan. Urang kedah ikhtiar bari satekah polah, banting tulang nganggo jalan anu halal, sabab ikhtiar mangrupikeun bukti kasungguhan iman urang. Rosulullah SAW parantos maparin conto, kumaha anjeunna ngajak para sahabatna pikeun teu ngan saukur tawakal bari cicing, tapi kedah usaha bari tetep ngagantungkeun harepan wungkul ka Allah SWT.
Dina hiji riwayat di caritakeun, aya saurang sahabat anu bingung nyanghareupan kasulitan hirupna, lajeng sumebar rasa sieun jeung hariwang. Nabi SAW teras nyauran anjeunna pikeun marengkeun ikhtiar lahir kalayan zikir batin. Yen hulu hate jalma mukmin mah moal weléhkandela ku kaimanan, yén sagala rupi kasusah pasti aya jalan kaluarna asal urang tetep istiqamah.
Ma'asyiral Muslimin rahimakumullah,
Hayu urang emutan deui, naha salila ieu dina nyanghareupan kasangsaraan dunya, urang geus malikkeun deui panon hate urang ka Gusti Allah? Atawa sabalikna, urang kalah ka ambek, pundung, sarta poho kana dzikir?
Dina mangsa-mangsa ripuh kieu, mangrupikeun waktos anu paling utama pikeun urang leuwih deukeut deui ka Gusti. Jadikeun sujud urang leuwih lila, jadikeun cimata taubat urang salaku panghapus dosa, tur jadikeun sabar jeung shalat urang salaku pananggeuy hirup.
Mugi-mugi urang sadaya kalebet kana golongan jalma-jalma anu tetep teguh iman, teu lesot dzikir, sarta teu miang ikhtiar, dugi ka urang mulang ka rahmatullah dina kaayaan husnul khatimah. Amin ya Rabbal 'alamin.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
Khutbah Kedua
اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا.
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى
وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَّى بِمَلآ ئِكَتِهِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا.
اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلِى وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَىيَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ.
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآءُ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمَ الدِّيْنِ.
اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ.
رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ